Sabtu, 23 Februari 2019

Carita Aing jeung Agus (Outlet)

Kisah Aing jeung si Agus (Outlet)

Kuari, ieu jalema terkenal ngaran na Agus Outlet, keur ieu awal kenal nyana karna sa organisasi di OSIS zaman pas sakola SMK, ieu budak ngarana Agus Sudrajat tapi hayang disebut Aditya tapi malah akhirna disebut Tile.

Pas di OSIS Aing jadi wakil ketua nyana jadi Sekretaris mun teu salah.
Pernah nyalon ketua Osis jeung Aing tapi suara nyana eleh keneh jeung suara Aing jadina Aing nu suara terloba kadua nu jadi wakil ketua Osis.

Persahabatan dimulai ti zaman penampilan saayana, jaman dimana beunget pakeutreuk... Hideung, Ceking, Buuk gondrong acak-acakan, Suram lah pokokna mah.

Ti zaman sakola nyana geus kos jadi pendamping Aing tea, eitss kedeng hela ulah mikir nu macem-macem, Aing mun homo geh moal milih si Agus hehehehehe...

Jadi nyana geus jadi pendamping Aing ti zaman sakola, keur zaman sakola Aing boga kabogoh laju mun kabogoh Aing mawa motor jeung Aing geh mawa motor, didinya Aing pasti ngontek Tile alias Agus ieu, jadi nyana nu mawa motor kabogoh Aing. Aing nu duaan jeung kabogoh Aing.

Nyampe ka zaman kuliah Aing katimu jeung kabogoh terakhir Aing alias nu kuari jadi pamajikan, Agus geh selalu aya, kejadian paling mantab, nu moal ku Aing pohokeun,  Harita aya masalah jeung pamajikan (keur eta bobogohan keneh) Aing jeung Agus sampe ngudak ka Kuningan touring mawa motor berangkat jam 3 peuting, cuma Aing, Agus jeung Allah nu nyaho eta riwayat perjalanana.

Agus selalu nu jadi tumpuan katika Aing aya masalah jeung awewe, Kartu Aing jeung babaraha Mantan Aing aya kabeh dinyana, eta hiji alesan Aing setia babaturan jeung nyana hahahahaha...

Lanjut karir organisasi, mulai ti OSIS laju lulus sakola, karna geus biasa kumpul Aing jeung Agus inisiatif nyieun perkumpulan nu berbentuk wadah, dikantin sakolaan, make laptop Aing harita Aing jeung Agus nyieun hiji wadah organisasi/komunitas kepemudaan nu diisi ku kalobaan alumni, baturan kumpul pas zaman sakola.

Aing jeung Agus didinya nu nyieun Logona, nyieun design atributna, nyieun akun2 media sosialna jeung nyieun arsip2 dokumentasi, vidio editor nu sampe kuari aya keneh di Youtube.

Organisasi eta seru jasa, terasa jasa rasa kakaluargaanna, kompak, karocak, pokokna keren lah.
Tapi Organisasi ieu ngan bertahan kurang leuwih 3taun doang, masalah demi masalah datang, teu nyaho apa karna keur ieu lalabil keneh apa kumaha, jadi loba masalah nu daratang.

Puncak na, ketika perkumpulan dijieun sistem Organisasi jeung dijieun aturan-aturan, jadina malah baku jeung nimbulkeun konflik internal.

Aing jeung Agus inisiatif nyieun gerakan kewirausahawan, Urang duaan gabung ka hiji jenis Usaha, laju kalobaan Urang duaan ilu seminar-seminar, tambah wawasan tentang kewirausahawan akhirna urang duaan mulai nyieun usaha join nyeta jualan sepatu, tah didinya Aing jeung Agus mulai menang masalah.

Aing jeung Agus dianggap terlalu fokus ka bisnis teu mentingkeun Organisasi, padahal tujuan Aing jeung Agus kos kitu hayangna Organisasi tea boga gerakan usahana kena berjalana lancar jadi teu ngandelkeun uang kas.

Tapi, ternyata nu sejen na teu sapendapat, atau mungkin Aing jeung Agus na nu teu bisa ngatur na, jadi timbul lah masalah, ujungna Aing jeung Agus nu dikucilkan alias dijauhan ku nu lain.

Nyak geus akhirna tinggal Aing jeung Agus nu neruskeun perjuangan, emang pas harita jengkel jeung emosi kana hate dikitukeun, tapi ternyata eta jalan ti nu maha kawasa.

Karna tinggal duaan, Aing jeung Agus inisiatif nyieun gerakan anyar, belajar ti kasalahan ngurus Organisasi nu baheula jeung neruskeun impian boga wadah Organisasi nu aya gerakan kewirausahawan na.

Aing jeung Agus, ngilu gerakan Mentoring Bisnis Pekanan, laju katimu jeung jalema-jalema nu geus berkecimpung didunia usaha.

Akhirna, Aing jeung Agus nyiptakeun AING TANGERANG, gerakan kewirausahawan Pemuda Tangerang nu boga program Ngalestarikeun Budaya jeung Bahasa Sunda Tangerang.

Hasil penjualan kaos, ku Aing jeung Agus pake jang modal pembiayaan gerakan ieu, jadi teu heran mun Aing Tangerang kuari diusiana nu karak sataun geus sagede jeung sarame kos kieu, karna ieu gerakan geus aya rodana nyaeta kagiatan kewirausahana.

Alhamdulillah, mun diitung-itung geus tembus Sarebu Kaos terjual, tapi Alhamdulillah oge hasil kauntungan can pernah dihakan ku Aing jeung Agus secara pribadi, kauntungana dipake bener-bener jadi roda jang muterkeun pergerakan progam na Aing Tangerang.

Aing jeung Agus, nyieun ieu lain jang kautungan pribadi, tapi bener-bener hayang nyieun hal nu mangpaat jang masyarakat luas.
Mungkin kuari Aing Tangerang can boga mangpaat nu loba, tapi InsyaAllah kahareupna bakal jadi mangpaat jang urang kabehan khususna Masyarakat Sunda Tangerang.

Mun keur ieu Aing jeung Agus rada nyeuri hate pernah dijauhan ku baturan sa Organisasi gara-gara boga ide nu beda, kuari justru Aing jeung Agus ngerasa bersyukur keur ieu pernah diperlakukeun kos kitu, kusabab berkat perlakuan eta lah Aing jeung Agus bisa nyiptakeun gerakan nu leuwih gede jeung mangpaat oge gerakan nu sasuai jeung ide gagasan Aing jeung Agus duaan.

Eta lah hirup, kadang urang teu nyaho rencana Allah kamana, urang kadang ngeluh, kadang nyeuri hate, hewa ka batur kusabab kaayaan nu teu sesuai jeung nu urang harepkeun, tapi urang kudu teteg ngaharepana, ulah oyag ngaharepan sagala masalah nu aya, karna emang rencana Allah eta jauh leuwih endah hasilna.

Intina, urang ulah gampang nyerah ka kaayaan, urang kudu terus hadapi, maksimalkeun sagala bentuk usaha, InsyaAllah usaha mah moal ngahianatan hasil, Hasil pasti setara jeung Usaha nu ku urang lakukeun.

Kuari Aing, Agus, Puluhan Pengurus, jeung Ratusan Anggota Yayasan Aing Tangerang terus bergerak ngamaksimalkeun sagala bentuk usaha, berjuang ngaharepan sagala bentuk rintangan masalah demi masalah, Cibiran, Usaha Ngaragagkeun, Usaha Ngahancurkeun, jeung nu lainna. Urang kabehan terus berjuang ngabangun Aing Tangerang supaya jadi wadah nu mangpaat jang urang kabehan. InsyaAllah Aing Tangerang bisa mangpaat. Aamiin...

Ditulis ku : Muhamad Nur, SS. (Kang Udel)
Pendiri jeung Ketua Umum Yayasan Aing Tangerang.

Sabtu, 09 Februari 2019

Kosakata Sunda Tangerang (Moal Oyag)

"Moal Oyag" merupakan kosakata/istilah yg sering digunakan oleh masyarakat Sunda Tangerang.
Arti dari kata "Moal" adalah : Tidak akan, sedangkan "Oyag" memiliki arti sebenarnya "Goyang/Begerak" namun dalam arti yg ditunjukan oleh masyarakat Sunda Tangerang adalah "Gentar", jadi arti kata " "Moal Oyag" adalah "Tidak akan gentar"
.
.
Contoh kalimat : " Geus tenang bae, Moal Oyag urang mah ngahareupan masalah ieu" (sudah tenang saja, saya tidak akan gentar ngadepin masalah ini).
.
.
Selain Moal Oyag ada juga kata "Ulah Oyag" (Jangan Gentar) .
.
Aya nu dek namabahan lur???? Sok komen jeung tag babaturan didinya kena ngarti ka bahasa Sunda Tangerang.
.
.
.
#aingtangerang #aingurangsundatangerang #suntang #sundatangerang #outletaingtangerang #barudaksundatangerang  #sundatangeranguniklainkasar #tangerangjasa #hayuulinkatangerang #aingtangerangtv

MANG ATANG (MASKOT AING TANGERANG)

kata "Mang" dipake Masyarakat Sunda Tangerang jang sebutan ka jelama usia paruh baya alias kolot teuing teu ngora teuing teu, &quo...