Rabu, 18 Maret 2020

Assalamu'alaikum Wr.Wb.

Ka sakabeh pengurus, anggota, jeung dulur-dulur Aing Tangerang. Aya informasi penting nu bakal ku urang bagikeun.

Urang kabehan geus nyaho, mun Aing Tangerang boga semboyan nu make kata 'Budaya'

Mun ngomongkeun Budaya eta luas, anu asup ka Budaya eta aya Kasenian, Imah Adat, Pakaian Adat, Bahasa, adat istiadat kabiasaan, jeung nu lainna.

Sabenerna, Aing Tangerang eta kuari geh keur ngalestarikeun Budaya cuma fokusna ka 'Bahasa', sarua bae kos para Seniman anu ngalestarikeun Budaya tapi fokusna di 'Kasenian'

Cuman loba nu salah paham tina kata Budaya nu dipake dina slogan Aing Tangerang, se akan-akan Aing Tangerang dituntut jang ngalestarikeun sakabeh 'Budaya' padahal emang ti awal Aing Tangerang fokusna dina 'Bahasa'

Kusabab aya kesalahpahaman ti pihak luar ka Yayasan Aing Tangerang tentang kata 'Budaya' nu aya diselogan Aing Tangerang nu mantak mulai poe ieu jeung kahareupna Aing Tangerang bakal ngaleungitkeun semboyan 'Budaya' diselogan Aing Tangerang.

Semboyan Aing Tangerang nu kuari nyaeta

GERAKAN SOSIAL NGALESTARIKEUN BAHASA SUNDA TANGERANG

Jeung arti kata tambahan Gerakan Sosial didieu nyaeta Aing Tangerang Yayasan Sosial nu geus berbadan hukum, lain Yayasan na doang nu sosial tapi gerakanna geh gerakan sosial atawa sukarelawan, tanpa dibayar, babarengan ngagerakeun gerakan ngalestarikeun Bahasa Sunda Tangerang.

Tetep sumanget, Ulah Oyag,
SUNDA TANGERANG BANGKIT,
SUNDA TANGERANG UNIK,
SUNDA TANGERANG ULAH SAMPE LEUNGIT.


Haturnuhun, Tangerang 19 Maret 2020.




Kang Udel
Ketua Umum





LOGO RESMI YAYASAN AING TANGERANG 2020

di taun 2020 ieu, Aing Tangerang ngaluarkeun logo nu anyar.

Logo ieu Logo Aing Tangerang nu PNG jeung JPEG, sugan aya nu butuh bisa tingal download bae.




MANG ATANG (MASKOT AING TANGERANG)

kata "Mang" dipake Masyarakat Sunda Tangerang jang sebutan ka jelama usia paruh baya alias kolot teuing teu ngora teuing teu, &quo...